IEU WEB KU SIM-KURING DIDEDIKASIKEUN KA JALMA-JALMA NU MASIH KENEH BOGA KAHAYANG KANGGO NGALESTARIKEUN BUDAYA SUNDA JEUNG LEUMAH CAINA. NU TEU RESEP KANA IEU BLOG, KUDU NGAMIMITIAN MIKARESEP KANA BUDAYA SORANGAN.

29 March 2007

LAIN RASIS

Sim kuring boga pamikiran, jalma anu mikaresep - komo nepika mika deudeuh- kana budayana sorangan - teu aya hubungannana jeung rasisme. Malah, Kuring bakal ngacungkeun jempol , ka jalma model kitu. Jelas, aya beda antara rasis, chauvisis jeung wajar! Rasisme nyaeta paham nu boga anggapan yen ras dirina nu paling luhur.

Lamun aya jalma anu masih keneh mikaresep kana budayana sorangan masih bisa disebut wajar. Lamun aya jalma anu agul ku budayana sorangan, terus boga anggapan budaya sorangan di luhur sakabeh budaya nu aya di dunia, eta bisa di sebut jalma nurustunjung.

Ngan, aya nu leuwih owah atawa gelo, nyaeta jalma anu teu mikaresep kana budayana sorangan. Jalma anu ngajebian kana kasundaannana. Eta mah geus kaasupkeun jalma kurang -ajar, malah " manusa" model kitu kudu diasupkeun ka " Lembaga Pemasyarakatan Khusus!"

Tah, baraya... Ari baraya asup kana golongan mana, rasis, wajar, atawa kurang -ajar?

Standar evaluasina mah gampang pisan, coba..apal keneh meureun baraya kana katimus, bakecrot, jeung sibanyo???

Atawa baraya leuwih apal kana hamburger, pizza, jeung just kidding???

Kumaha tah, baraya!?

1 Comments:

Anonymous Anonymous said...

sumuhun kang leres pisan eteteh...simkuring satuju lach.
puguhnamah hayang disebat gaul....sabab mun mikaresep budaya sunda teh disebatna kampungan atanapi katrok saur "si tukul mah :D", tapi nya rek kusaha deui atuh budaya urang rek dimumule pami ari sanes kuurang keneh deui mah :D.

kang nyungkeun widi nga link blog salira :) Nuhun ah.

8:45 AM

 

Post a Comment

<< Home


Powered by Blogger