IEU WEB KU SIM-KURING DIDEDIKASIKEUN KA JALMA-JALMA NU MASIH KENEH BOGA KAHAYANG KANGGO NGALESTARIKEUN BUDAYA SUNDA JEUNG LEUMAH CAINA. NU TEU RESEP KANA IEU BLOG, KUDU NGAMIMITIAN MIKARESEP KANA BUDAYA SORANGAN.

31 March 2007

ADEAN KU KUDA BEUREUM


Ku: Warsa


Mun nitenan kahirupan zaman kiwari, urang bakal ngarasa aneh, rea pisan jalma anu ngarasa bangga malah agul ku kabudayaan batur, tapi ngarasa teu bangga lamun mintonkeun kabudayaanana sorangan. Teu saeutik urang sok ngadenge, urang Sunda hahaok kalawan ngagunakeun bahasa-bahasa deungeun anu kurang penting lantaran teu sopan boh dina lentong oge dina bahasana.

Kuring pernah, malahan mindeung ngadenge urang Sunda hahaok jeung ngomong kalawan ngagunakeun: Loo...Guee!. Punten, sanes kuring anti kana bahasa-bahasa nu karitu, mung, ilaharna ari urang Sunda mah kudu munjulkeun malah dituntut kudu mintonkeun bahasa-indung, nyaeta bahasa Sunda. Padahal, loba pisan kaunggulan bahasa Sunda lamun dibandingkeun jeung bahasa-bahasa lainna nu aya di dunia.

Dina dangeut ieu, urang oge ngarasa aneh ku lobana sikeup urang Sunda anu ngarasa bangga lamun nenjokeun budaya asing, saperti dina cara papakean, ngomong, oge dina paripolahna. Tapi manehna ngarasa risi mun mintonkeun budayana sorangan. Meureun... maranehna boga anggapan, yen budaya Sunda jeung tradisi karuhun teh dianggapna katinggaleun zaman, padahal sabalikna. Budaya karuhun teh budaya anu pinuh ku apresiasi, kreativ, jeung ngandung kaahengan anu can kakoreh ku urang di zaman ayeuna.

Rek kusaha deui ieu budaya Sunda dijaga, diraksa, jeung dijunjung, lamun lain ku urang sabage urang Sunda. Kuring wani monis, ulah ngaku urang Sunda lamun teu daek mintonkeun budaya sunda jeung kasundaanana!!!

Urang ulah "adean ku kuda beureum", ngarasa agul ku budaya-budaya asing. Tapi teu wawuh-wawuh acan kana budaya sorangan!!!

Satuju jeung kuring???




1 Comments:

Blogger ruud_van said...

sumuhun kang abdi satuju pisan...
simabdi urang subang anu rumaos urang sunda ngaraos tugenah manah ku kaayaan samodel kitu....

8:31 PM

 

Post a Comment

<< Home


Powered by Blogger