IEU WEB KU SIM-KURING DIDEDIKASIKEUN KA JALMA-JALMA NU MASIH KENEH BOGA KAHAYANG KANGGO NGALESTARIKEUN BUDAYA SUNDA JEUNG LEUMAH CAINA. NU TEU RESEP KANA IEU BLOG, KUDU NGAMIMITIAN MIKARESEP KANA BUDAYA SORANGAN.

01 April 2007

WANCI ( Bagean 1)


Dina sawatara waktu anu katukang, dina salah sahiji episode kahirupan, kuring - tangtu- pernah ngarandapan kumaha ngeunahna jadi urang kampung. Ceuk beja, sok sanajan kahirupan urang kampung bau lisung, tapi aya hiji hal anu penting dicutat bari dilakukeun dina prak-prakan kahirupan sapopoe.

Bener, mun dititenan kalayan bener. Kahirupan urang kampung, mangsa-mangsa nu geus katukang jigana mah dina hirupna teh tara dirundung ku ka bingung, tara dikuliling ku kapusing. Contona we, di lembur matuh pamidangan kuring, wanci atawa waktu teh bener-bener dieusi ku kariaan, ku hal-hal anu positif.

Dimimitian wanci janari leutik, para sepuh , khususna aki-nini kuring geus ngahudangkeun kuring. Terus maseuhan pamenteu/ sipenteu, sibanyo, geusan nepungan nu Kawasa. Ngalaksanakeun TAHAJUD.

Wanci carangcang tihang, kabeneran harita teh usum ngijih, malah can aya lampu-lampu acan, da puguh listrik can asup, kuring jeung babaturan geus paheula-heula mulung cengkeh.Sanajan masih keneh poek, kuring jeung batur-batur ngajingjing ajug atawa centir. Hawa isuk masih keneh karasa nyelecep kana sumsum-balung, tapi keur kuring jeung babaturan teu jadi soal, nu penting kami meunang cengkeh saloba-lobana. Apal keneh uing mah, eta teh tangkal cengkeh milik bapak Atmaja ,hiji jalma jegud nu boga sifat " Hambur Congcot murah bacot", sok sanajan galak tapi berehan.

Wanci haneut moyan , kuring geus aya di sakola, apal meureun, urang kampung sakola. Kumaha sakolana urang kampung? Sapatu butut, tas dekil da puguh pamere batur, buku dilelepet risek 0ngkoh. Tapi dina masalah kacengengan mah, moal eleh urang kampung oge. Loba pisan urang kampung anu palinter, saperti si Iwa Sudarmawan, pinter oge tah budak teh, ayeuna mah teuing aya di mana!

Wanci manceran, komo dina usum tatanen mah, kuring sok diajak ku nu jadi aki ka sawah. Nenjo munding anu keur digawekeun ngawuluku. Sasakali mah sok daek tumpak munding nu keur ngawuluku sawah. Tukang ngawuluku ngahaleuangkeun lagu sunda karasa pisan kana ati sanubari.

hanca...

0 Comments:

Post a Comment

<< Home


Powered by Blogger